Cari Blog Ini

Senin, 31 Oktober 2011

Nyakolakeun Barudak Ulah Kabobodo ku Pangbibita

 Dr. H. Hari Suderadjat, M.Pd (Dewan Kehormatan DPK SEGI Garut)

http://majalah-mangle.com/content/detail/239.html
Nyakolakeun asal daek. Kari prakna, da sakola mah nyampak di mana-mana. Di antarana, loba nu nawarkeun rupa-rupa kaunggulan kalayan 'sesebutan' sakolana nu matak ngirut hate masarakat. Aya nu disebut sakola 'unggulan', sakola 'plus' jeung sajabana. Ngan, nu kumaha ari sakola pinunjul? Dr. H. Hari Suderadjat, M.Pd., medar pamanggihna.
***
Dina ngawangun bangsa, atikan dipercaya kacida pentingna. Ngan, tangtu we, lain ukur ngarah barudak pinter, tapi deuih boga ahlak anu hade. "Ari pangwangunan pendidikan mah tiasa disebatkeun konci suksesna  pangwangunan widang sanes, saperti sosial, ekonomi, pulitik, hukum, kaamanan, sareng nu sanesna," ceuk Dr. H. Hari Suderajat, Direktur National Education Strategic Studies (NESS) ka Mangle sawatara waktu ka tukang. Ngawangkong teh, di kantorna di Kompleks Perguruan Ar'Rafi, Jalan Sekejati Bandung, Jawa Barat.  Ku lantaran kitu, sakumna komponen bangsa kudu engeuh, atikan teh 'investasi' mangsa ka hareup nu teu bisa ditunda-tunda.

Kumaha ari atikan di urang? Hasilna katara  jeung karasa ku balarea. Nilik kana pangwangunan nasional, katangen  tina indek pembangunan manusia (IPM). Eta teh ukuran kamajuan hiji bangsa nu ukuranana widang atikan, ekonomi, jeung kasehatan. IPM pendidikan di urang, ceuk Hari, aya di sahandapeun Malaysia nu dina taun 1970-an mah sabalikna, Malaysia harita aya di sahandapeun Indonesia.

IPM ngagambarkeun  tilu 'komponen', atikan, ekonomi (daya beuli) jeung kasehatan, jadi ukuran kamajuan bangsa di mana wae ayana. Ti mana mimitina keur ngaronjatkeun ajen manusa teh? Loba nu percaya, mimitina tina atikan. Wajib belajar salapan taun atawa dua welas taun, ceuk Hari Suderadjat,  salah sahiji tarekah ngaronjatkeun IPM Indonesia nu kamajuanana bisa dibanding-banding sacara internasional. Ngan, nu  kudu jadi bahan pikiraneun para ahli, atikan nu kumaha nu samistina diwajibkeun ka masarakat sangkan bisa milu ngaronjatkeun ajen atikan.

Kiwari, ceuk ieu ahli pendidikan wedalan Univeristas Pendididkan Indonesia (UPI) Bandung teh, tujuan atikan ge geus robah. Atikan misti jadi cukang lantaran ngawujudna  masarakat nu diajar (learning society) jeung masarakat ilmiah (scientific society) nu dumasar kana tehnologi informasi jeung komunikasi (information communication technology).

Ngaronjatkeun Ajen

Dina antara taun 2001 -2004, Depdiknas ngagederkeun  atikan 'berbasis luas' (BEE- Broad Based Education) nu ngamuara kana kamampuh hirup (life skill). Kitu teh, ceuk Hari,  lantaran pada percaya, mungguhing  kamampuh hirup  teh  'acining' tina program ngaronjatkeun ajen atikan. Hartina, ngaronjatkeun ajen atikan neueul kana kamampuh hirup. Ari kamampuh hirup, ceuk ieu ahli atikan teureuh Garut nu lahir taun 1942 teh, ngawengku kamampuh umum, kamampuh husus, jeung kamampuh kajuruan. "Ku lantaran kitu, atikan nu hade ajenna teh,  atikan nu mampuh ngawangun lulusanana sangkan ngabogaan kamampuh hirup nu bisa ngaronjatkeun harkat katut martabatna salaku calon pamingpin di alam dunya," pokna.

Tumali jeung tujuan atikan nasional, atikan nu hade ajenna teh pendidikan nu boga tujuan keur mekarkeun sakumna potensi nu dipimilik ku barudak sangkan jadi manusa nu iman tur takwa ka Pangeran, hade ahlakna, sehat, luhung elmuna,  rancage, mandiri, demokratis, sarta ngabogaan tanggung jawab. 

Tujuan atikan nasional, ceuk Dr. H. Hari Suderadjat, M.Pd.,  bakal kahontal upama atikan boga pungsi dina ngahontal tujuan pendidikan. Kahontalna tujuan atikan nasional kagambar dina kamampuhan barudak sakola nu luyu jeung katangtuan saperti  nu digambarkeun dina Undang-Undang Sisdiknas.

Jenglengan  lulusan sakola bakal luyu jeung katangtuan pendidikan nasional upama sakola ngabogaan pungsi ngawangun kamampuhan 'anak didik'. Ku lantaran kitu, jurus-jurus (strategi) dina ngalaksanakeun atikan kiwari,  neueul ka sakola dina sesebutan nu katelah manajemen peningkatan mutu berbasis sekolah (MPMBS).

Larapna MPMBS mangrupa pola kahiji dina upaya ngaronjatkeun ajen atikan. Dina larapna, kagambar ayana wewenang kepala sakola dina enggoning mingpin eta lembaga. Ku lantaran kitu, sakola dibere kawenangan mekarkeun kurikulumna kalayan tetep  napak kana aturan anu nyampak. "Kepala sakola lain wungkul kepala unit pelaksana teknis nu garapan gawena ukur kumaha atasanana," pokna. Hartina, kepala sakola teh kudu rancage!

Pola kadua, ngahijikeun atikan dasar jeung menengah  sacara tuluy-tuluyan. Atikan teh, ti mimti kelas I SD nepi ka kelas 12 SMA. Kitu ceuk Hari, saperti nu dipedar dina buku karanganana nu judulna Manajemen Peningkatan Mutu Berbasis Sekolah (MPMBS).

Pola katilu, ngaronjatkeun ajen atikan dasar jeung menengah jadi sistem nu dalit. Kitu teh, sabab hasilna atikan di tingkat saluhureunana bakal gumantung kana dadasarna. Hartina, hadena ajen lulusan di SMP, upamana,  bakal gumantung kana atikan di SD-na.

Pola kaopat mekarkeun kamampuhan nu ngawengku, kognitif, afektif, jeung psikomotorik. Cindekna mah, saperti larapna iman, elmu, jeung amal. Adumanis nu tilu rupa bieu bakal ngagancangkeun  kahontalna tujuan 'proses' diajar.

Pola kalima, neueul kana guru nu profesional. Guru, pamingpin di kelas, kudu mampuh nyumangetan barudak nepi ka timbul karepna  jeung sumangetna diajar. "Ku cara kitu, siswa ge bakal mampuh jadi minijer 'belajar' keur dirina masing-masing," ceuk ieu Doktor Pendidikan lulusan IKIP Bandung teh.

Pola kagenep, neueul ka kepala sakola, hususna dina mingpin sakola. Cindekna kepala sakola kudu mampuh nataharkeun visi, misi, katut boga kamampuhan ngahontal udaganana. Kitu ceuk Hari mah!

Geusan ngaronjatkeun ajen atikan, memang loba cara jeung tarekah nu dilaksanakeun saban pihak. Kiwari, loba sesebutan sakola nu ngagambarkeun kaunggulan sewang-sewangan, saperti sakola 'plus' jeung sajabana. "Kalayan maksud ngatik murid sangkan jadi  lulusan pinunjul, loba sakola nu nawarkeun program atikan 'unggulan', dibarengan ku ngaran nu rupa-rupa. Kituna teh, ti taman kanak-kanak nepi ka sakola menengah saperti SMP jeung SMA," ceuk Hari Suderadjat

Atikan pinunjul dipiharep bisa  ngahasilkeun lulusan nu pinunjul. Cindekna, lulusan nu hade ajenna. Ngan nu kumaha nu hade ajenna teh?  "Cindekna ngagaduhan pribadi nu ulil albab, muslim kaffah, dina harti ngabogaan pribadi nu integral, mampuh ngamalkeun ajen-inajen iman jeung katakwaan dina kahirupan sapopoe, kalayan binarung ahlak  hade nu  pangaruhna nyata, jadi  rahmatan lil alamin," pokna.

Tumali jeung ajen lulusan,  tangtu, ceuk ieu Dosen Pasca Sarjana UNINUS teh, butuh sakola pinunjul  nu program-program atikanana ngagambarkeun kapunjulan.

Dina implengan  Hari, sakola pinunjul teh nu mampuh 'ngawadahan' sakumna karep siswa  diajar jeung latihan geusan mekarkeun  kamampuhanana. "Cindeka, bisa mekarkeun sagala rupa potensi nu nyampak dina diri barudak," pokna tandes naker.

Naha sakola unggulan teh misti lantaran barudakna oge pinunjul? Ceuk Hari teu kudu kitu. Barudak ti mana wae,  tina golongan ekonomi kumaha wae, ti mana wae kasang tukang kulawargana, boga potensi mekarkeun dirina upama tempat diajarna mampuh mekarkeun potensi anu nyampak. "Ulah gaduh anggapan siswa nu lebet ka sakola swasta langkung handap ajenna batan barudak  nu lebet ka sakola negeri," pokna semu ngawawadian.

Dina nyaritakeun ajen sakola, Hari mah pasehat naker. Kitu teh, da memang di dinya icikibungna. Dunya atikan keur dirina lir cai jeung laukna. Hari apal pisan kana kumaha mistina nataharkeun atikan.

Kanyahona kana sual pendidikan, memang teu ngan wungkul jadi bungbu catur. Kaengeuhna kana dunya atikan, dibarung jeung prak-prakanana. Cindekna mah teu ngan ukur ngagugulung tiori.   Geusan milu ngaronjatkeun ajen atikan, di luar pagawean matuhna ngadosenan, ieu teureuh Garut teh, ngadegkeun Nasional Education Strategic Studies (NESS) nu kagiatanana nitenan jeung nalingakeun sual-sual atikan.

NESS boga karep ilu-biung dina ngahasilkeun SDM nu ahli dina widang masing-masing. Lian ti kitu,  dipiharep deuih,  hadena ajen SDM ge dibarung ku ahlak  hade nu ceuk basa agama mah ahlakul karimah. "NESS hoyong ngarojong  pamarentah sareng lembaga swasta dina ngahontal tujuan atikan nasional," ceuk ieu caroge Imas Hermina teh.

Dina ngupayakeun sangkan barudak sakola hade ajenna, Hari ge ngokojoan ngadegkeun  sakola.  Aya SD Ar'Rafi, minangka "Lab School PPs UNINUS Bandung. Di dieu Hari metakeun kamampuhanana nu tumali jeung widang atikan.

Tibelat ka Sakola

Hari Suderajat pituin urang Garut. Lahirna taun 1942. Keur leutik, mitembeyan sakolana di Garut, Jawa Barat. Ngan,  saterusna mah SD-na teh direngsekeun di Jakarta. Satutas Tamat SMP, blus  ka STM.

Tamat STM, saterusna digawe. Ngan, teu ngarasa sugema ukur kitu,  dirina ge, saterusna  ngeureuyeuh nikreuh neruskeun sakola nepi ka ngahontal gelar sarjana. Kalayan bekel gelar sarjana (S-1), Hari neruskeun kuliah di Pascasarjana (S-2) IKIP Bandung. Saterusna, kuliah deui  di  S-3,  di IKIP Bandung keneh. Atuh, karirna oge teu jauh tina dunya tikan. Mimiti jadi guru ST, Guru STM, kepala STM Pembangunan Cimahi, jeung pajabat eselon III di Direktorat Dikmenjur jeung PPG Kejuruan Jakarta. Lian ti eta, oge boga tugas tambahan mantuan Mendikbud.

Sagala potensi nu nyampak, sawadina kawadahan jeung kaalap mangpaatna. Tah, cara mikir kitu teh, ku Hari mah dipraktekkeun dina kahirupan sapopoe. Najan katelah guru, ka pagawean sejen mah teu matak kateug. Sajeroning jadi guru teh deuih wiraswasta. Dimimitian tina jadi konsultan sual ngarancang wawangunan, kontraktor, usaha widang pakakas rumah tangga (furnitur), jeung alat-alat atikan sain jeung tehnologi.

Kalayan bekel tur pangalaman ti sababaraha nagara Eropa, Amerika, Australia jeung Asia, Hari teu weleh motekar mekarkeun kamampuhanana. Satutas pangsiun, da ngahaja can waktun ge  menta pangsiun (pangsiun dini), Hari jadi Konsultan Manajemen Proyek di Departemen Agama, Konsultan ADB, jeung sajabana. Kituna teh deuih bari angger ngadosenan  di Pascasarjana Universitas Islam Nusantara (UNINUS) Bandung. Tapi, Hari teu weleh tibelat ka sakola. Najan riweuh, tetep masih keneh 'ngasuh' barudak, da ngaluluguan Pasantren Ar Rafi Bandung, nu di antarana oge di dinya teh aya sakola SD Ar Rafi. *** (Ensa/Nay)

Kamis, 20 Oktober 2011

Dewan Pengurus Kabupaten - DPK SEGI Garut 2011-2016

Please invite all your friends to visit
http://www.dpk-segi.blogspot.com

Group FaceBook: SEGI Garut 2011-2016

Keputusan Musyawarah Kabupaten ke-II
DPK SEGI GARUT
Nomor: 02/TAP.MUSKAB.II/2011 Tanggal  15 Januari 2011
tentang
DEWAN PENGURUS KABUPATEN SEGI GARUT 2011-2016

PENGURUS KABUPATEN

Ketua                                     : Drs. Imam T. Taufiq, M.Pd
Wakil Ketua                          : Drs. Asep Setioaji
Sekretaris                              : Munandar,S.Pd
Wakil Sekretaris                   : Yadi Saeful K.,S.Pd


Bidang Advokasi                 : *Yadi S. Saputra,SH   * HA.Sumantri,SH


Bidang PMGU                      : * Imam Sholahudin,S.Ag, ST, M.Si     *Ust.Dr. H. Maman Sumpena,M.Si
     *Ust.Anwar Mustafa                             * Dede Fuad, S.Ag, M.Ag
     *Dr. Deni Saepulhayat,M.Si


Bidang Pendas&TK            : *Maman,S.Pd                   *Drs.Ipin Saripin
    *Ust.H.Mulyana AM        *Ust.Alit Rahmat,S.Pd.I


Bidang SLTP                        : *Kurnaedi,S.Pd                              *Drs.Jamiludin
     *Yaya Sunarya,S.Pd.,M.Pd             *Drs.Dadang Syaf,M.Pd


Bidang SLTA                       : *Ir. H.Asep A. Kahfi,MM                             *Drs.Agus Prasetiana
    *Drs.Undang Suheryawan F.,M.Pd                *Drs.Cucu Sumiarsa,M.Si
    *H.Irfan Kasyaf Noerfiqhy,Lc.,M.Ag


Bidang Pend.Alternatif       : *Usep Ebiet Mulyana,S.IP                             *Asep Saepuloh,S.IP
    *Ust.Saef  *Ust.Ao Nu’man Fahrurrozi        *Drs.H.Koko Komarudin
                                               *Ust.Dr. Djudju Nuzuluddin,M.Si                  *Ust.Drs.H.Saepudin,M.Si
               
DEWAN KEHORMATAN:                  DR. H. Hari Suderajat, M.Pd.  
     KH. Cecep Abdul Halim, Lc
     DR. Undang Hidayat M.Ag.
     DR. H. Dody Hermana, M.Si
     DR. H. Deddy Setiawan, SH, M.Si

AKTA NOTARIS: Yooce Sofiati Yusuf, SH. Tanggal 1 Maret 2007 Nomor :1   NPWP: 02.640.051.5-425.000
   Bank Jabar Banten Cabang Garut No.Rek: 0005699606100 a.n : SEGI GARUT

Staf Ahli                  :               Prof.Dr.H.Saeful Anwar, MA
                                                Dr. Deni Darmawan, S.Pd, M.Si
Prof.Dr. H. Uman Suherman, M.Pd *)
Prof.Dr. H. Wina Sanjaya, M.Pd *)
                                                Dr. H. Sahidin, M.Pd
                                 
Gratitude to             :               Prof. Dr. H.Winarno Surachmad,M.Ed
                                                H. Utomo Dananjaya – Paramadina University
                                                Prof. H.A.R. Tilaar, M.Ed
                                                Lody F Paat & Jimmy Ph Paat
                                                Ade Irawan
Bambang Wisudo                   
                                                Agus Sugandhi – GGW, Pendiri SEGI Garut
                                                Apit Masduki – GGW, Pendiri SEGI Garut
                                                Debbijani Tedjalaksana,SH., Pendiri SEGI Garut
                                                Drs. H. Deni Suwarja, Pendiri SEGI Garut
                                                Teten Masduki – TII
                                                J.Danang Widoyoko – ICW


خَيْرُ النَّاسِ أَنْفَعُهُمْ لِلنَّاس
"The best amongst you is those who give benefits to the mankind." (The Prophet Muhammad)
SEBARKAN SENYUMAN KEPADA SIAPAPUN